Monday, October 03, 2005

Emut ka Cihaur Beuti

Emut ka Cihaur Beuti, harita keneh ge angkat, mapay jalan ngaler ngulon, ka Haur Beuti tos dongkap nepangan hiji Ajar, guru anjeunna kapungkur, Sang Prabu Taji Malela,

Sampoyong Susunan sumping, ka tilas guru munjungan, gek calik harempoy mando, saur guruna, Haturan, ti mana lami pisan, naha henteu nyaah Agus, ka eyang can mulang tamba.

Ka dieu teu aya warti, cing Agus kumaha beja?" Sunan Rohmat cacarios: ,Kulanun pilenggah eyang, awon bebendu manah, pang abdi lami kulanun, margi gaduh pagawean.

Reh ayeuna jadi wakil, ngislamkeun di Pulo Jawa, diutus ku Rosulluloh, taya Menak taya cacah, kedah salin Agarna, Agama Hindu dikubur, sebarkeun Islam nu Mulya.

Kitu deui jisim abdi, anumawi ngadeuheusan, sakalian ngintun wartos, minangka mulang tarima, sanget nyaah ka eyang, tilarkeun Agama Hindu, ampun sanes mapatahan.

Lir ngajar ngojay ka meri, kitu mah teu pisan-pisan, eyang ge tangtos waspaos, nyanggakeun sadaya-daya." Gumujeng Maha Ajar, nguping Saur Den Lumayung, harita teras ngandika:

Deudeuh teuing incu aki, atuh puguh kaharti mah, eyang ngantos ti bareto, da lamun henteu harti mah, eyang ngiring ka rama, baheula geus jadi mating, ngadon bebetah di Sancang.

Ku lantaran geus kajudi, yen baris salin Agama, moal silo dibobodo, yen Agama Islam Mulya, geus aya ilapatna, najan eyang kolot Agus, turta urut Guru pisan.

Ayeuna pasti tibalik, eyang nu kudu diwarah, tatana Islam nu tulen, eyang hempek geura warah, tong kagok mapatahan, bongan Agus wakil Rosul, anu dianti ku eyang."

"Wawacan Gagak Lumayung"

0 Comments:

Post a Comment

<< Home